I. BUKANING CATUR

Sadayana parantos maphum palanggeran zakat dina Agama Islam. Aturanna parantos jelas muzakina, perhetangan matematikana kitu deui dalapan ihwan anu wajib diperhatoskeuna. Dumugi ka aya istilah “Mustahik”. Seug dilelekan ieu mustahik ngajirim dalapan pasualan hirup kumbuh (sosial) dina ringkang rumingkang kalangkang ringkang urang. Beuki ageung perhetangan panghasilan nagara (income per capita) beuki ageung oge katangtosan upah minimun pagawe (gajih). Ngandung hartos beuki euyeub nu sanggup ngaluarkeun zakat. Minimal zakat fitrah pasti kabedag sok sanaos teu acan nisab ngaluarkeun zakat harta oge. Nanging aneh masalah hirup-hurip (sosial) sanes ngirangan malah estu beuki mahabu. Seug dilelekan ieu kelepatan ayana dina ‘pengkajian’ panalungtikan ihwal ‘konsep’ zakat tina aturan Agama Islam ieu. Samalih tos teu isin-isin aya baitul mall atawa rumah zakat anu tega ngadopsi istilah Barat (Amerika) dina ngatur sareng nyalurkeun zakatna (bahasa Inggris). Padahal inyana oge maphum konsep zakat lahirna di Arab sanes di Amerika atawa Inggris. Dalapan asnaf tina aturan Islam oge sok diringkes dijantenkeun tilu asnaf. Ngangge alesan anu teu lebet aqal majar cenah abid, ghorimin oge kalebet pakir miskin keneh. Ahirna ngabagikeun zakat janten, Pakir miskin, Mualaf, Pembanguan Masjid, Amilin. Upami urang niten masjid disebatna oge baitullah atanapi bumi Allah. Sedeng nu disebat Fisabillillah jalan geusan muru Allah. Atuh benten pisan makna falsafahna upama fisabilillah dijantenkeun Baitullah. Ieu sanes kakaliruan umat nu bodo tur teu nyaho nanging kakaliruan Badan Amil Zakat sareng rumah zakat anu ngaleungitkeun mustahik dina aturan Agama Islam. Akibatna pasualan hirup kumbuh (sosial) teu rengse-rengse. Sugan nyukang kana pituduh Illahi, ais pangampih Yayasan Pengembangan Sumber Daya Insani Gema Pancasila umajak tafakur deui ngeunaan ieu pasualan. Tur upami sapamadegan hayu urang sasarengan memeres beungkeutan geusan nitipkeun zakat sangkan maslahat keur umat di dunia tur manfaat diaherat keur para muzakina. Kapan amal teh kedah sareng elmuna, sanes.

II. CUKANG PAMIKIRAN DALAPAN MUSTAHIK TINA KONSEP ZAKAT AGAMA ISLAM

Kanggo urang seler Sunda konsep zakat teu bireuk deui margi ieu konsep tos aya sateuacan Nabi Muhammad babar ka dunya dina konsep budaya Sunda disebatna Cupu manik Astaghina. Nyatana dalapan pasualan ringkang hirup (sosial) anu kedah direngsekeun sabilulungan babarengan. Hal ieu ngajadi tinimbangan margi moal tiasa direngsekeun ku sorangan nu ngarandapan pasualan sosial pribadina. Ku hal ieu urang kedah ngadamel beungkeutan geusan ngungkulan ieu rungkang ringkang hirup sanajan bakal hese beleke ngawujudkeunna. Nu mawi disebat Cupu manik. Buktos geuning sanaos ieu Cupumanik Astaghina parantos ditugaskeun (diwajibkeun) ku nu nyipta murbeng alam ieu (Allah Ajawajala). Pamikiran manusa tetep hese beleke rek ngarti nepi ka ayeuna rungkang hirup (masalah Sosial) teu karengsekeun. Boh rungkang hirup seler sewang-sewangan nepi ka masalah nasional kalah gumantung ka bangsa Asing (investor). Padahal upama digunakeun kalawan hade tur rancage Zakat leuwih utama tinimbang modal Asing (investor). Urang buka heula kalawan ringkes naon dalapan pasualan hirup ieu : Pakir (malarat) Istilahna dina Agama Islam jalma anu teu mibanda panghasilan pisan. Sahandapeun jalma miskin sabab mungguh nu miskin gaduh kasab nanging teu cekap keur makieuhkeun kulawarga. Ngarengsekeun pakir teu cekap dipasihan hadiah lebaran nanging kedah diupayakeun sangkan nu nganggur mibanda kaparigelan nepi ka boga kasab. Ku hal ieu upaya pikeun ngarengsekeun pakir gumantung kana kasang tukang inyana nepi ka teu mibanda kasab. Tiasa janten : Teu mibanda kaparigelan Nu teu mibanda kaparigelan leuwih utama diatik sangkan inyana mibanda kaparigelan tinimbang dipaparinan hadiah lebaran saharitaeun. Pakir ieu tiasa robih seug inyana mibanda kaparigelan hirup nepi ka mibanda kasab ku kaparigelan dirina. Kapahung ku takdir diri Nu teu mibanda kasab sabab kapahung ku kaayaan diri nepi ka teu bisa dironjatkeun kaparigelannana, upamana bae boga panyakit atawa cacad nepi ka teu mungkin mibanda kaparigelan geusan nyungsi kasab. Pikeun ngungkulan hal ieu urang kudu nyieun hiji wisma atawa tempat husus sangkan ieu pakir teu langlayeuseun jeung ngulampreng dijalan jajaluk. Jalan nu panghadena enggoning ngarengsekeun ieu rungkang ringkang urang kudu nyiptakeun amal usaha sangkan taya ihwan anu ngalanggur. Seug para ulama jeung tokoh Islam rancage satemena kawajiban arinyana geusan ngokolakeun zakat pikeun ngolah kakayaan alam urang ulah dipasrahkeun ka investor. Sabab potensi zakat leuwih utama tinimbang modal deungeun.

2. MISKIN

Istilah kanggo ihwan anu mibanda kasab tapi teu cekap geusan ngipayahan ringkang hirupna. Kamiskinan oge kudu dititen kasang tukangna. Upamina bae : Lampah teu munasabah Satemena panghasilan tina kasabna cukup keur ngipayahan hirup kumbuh. Ngan mibanda lampah anu teu munasabah. Resep kana hal-hal nu taya manfaatna. Tangtos nu kieu kedah dibeberes lampahna sangkan panceg dina ringkang hirupna. Watesan kaparigelan hirup. Kudu dironjatkeun kaparigelan hirupna nepi ka bisa nyiar kasab tambahan sejen atawa ganti kasab nu luyu jeung kasanggupan tutas kaparigelanna dironjatkeun. Loba teuing beban Sabab loba teuing tanggungan upamana loba teuing anak. Didieu leuwih pantes upama ditulung ku istilah anak asuh. Nepi ka beban kulawargana longsong.

3. Abid (budak belian)/Bodo

Naon margina hiji jalma daek jadi budak beulian? Puseurna eta jalma teh bodo. Sabab jalma nu pinter tur luhur ku elmu pasti moal daek jadi budak beulian. Sanajan dina sajarah Agama aya jalma nu kapaksa jadi budak beulian. Tetep bae nu kapaksa jadi budak beulian oge dasar masalahna mah kulantaran teu mibanda elmu atawa bodo tea. Atawa ngabodo-bodo maneh. Ku hal ieu dina budaya Cupu manik Astaghina dianggap jelema bodo. Naha kiwari geus taya budak beulian? Ku kabodoan jalma masih loba kiwari oge anu jadi budak. Minimal jadi budak keur napsu dirina. Ku hal ieu baitul mall kudu ngarengsekeun perbudakan ieu gumantung kana kasang tukangna. Nepi ka jelema merdeka dina harti teu ngajadi budak sanajan ukur budak napsuna pribadi. Atawa ngabdikeun diri lain ka Allah. Bumela ka dunungan najan apal dunungan salah ngarugikeun bangsa jeung nagara. Jalma kitu masih disebut abid sanajan boga jabatan tingkat asisten mentri atawa Presiden.

4. Ghorimin ( Poho )

Ghorimin teh jalma nu loba hutang. Beda jeung jalma miskin. Ieu oge kudu direngsekeun gumantung kana kasang tukang hutangna. Ghorimin atawa nu kalebuh hutang dina budaya Sunda disebut jalma poho kana diri teu bisa ngukur kana kujur nepi kalebuh ku hutang. Biasana ghorimin alatan : Kacilakaan (musibah) Teu bisa mayar hutang alatan hiji musibah. Manehna pohoeun maruk hirup bakal langgeng nepi ka wani nganjuk ngahutang. Padahal lamun prihatin enggon usaha ulah hasil nganjuk ngahutang meureun moal boga hutang. Tina kapohoan ieu gampil ditulunganna. Gengsi jeung Kumaki. Nu rada hese diubaranna jalma anu kakeueum ku hutang alatan gengsi atawa kumaki. Mimitina hayang katanggar nepi ka poho kana diri nganjuk diluar kamampuan mayarna. Ieu panyakit rada hese dipalakiahanna. Tapi baitul mall kudu ngupayakeun satekah polah sangkan umat ulah kalebuh ku hutang.

5. Muallaf ( teu nyaho)

Mualaf disebut jalma nu kakara asup Islam.Naon sababna? Alatan inyana teu nyaho atawa teu apal yen Agama anu asup kana akal jeung pikiran manusa atawa Agama anu bener teh Islam. Tangtu muallaf lain kudu dibere beas atawa hakaneun sabab munguh harta tangtu aya muallaf anu manjing jadi muzaki. Pikeun ngarengsekun ihwal anu teu nyaho kana tangtu kudu dibejaan. Kapan ngabejaan anu teu nyaho oge perlu waragad. Tah didieu kuduna baitul mall ngarengsekeun ieu pasualan nepi ka moal aya juru dakwah atawa tukang ngabejaan kateter teu mibanda ongkos pikeun siar Islam. Moal aya mubaleg anu hayang dibere ongkos dina dakwahna lamun baitul mall ngawujud dina ringkang hirup jeung kahirupan umat Islam.

6. FISABILLILAH ( BADUGA)

Dina budaya Sunda Fisabilillah disebutna baduga. Sabab jalan nu dipiridho ku Allah tangtu moal sapagodos jeung maksud napsu. Bakal ngajeduk ngabadug kana napsu jeung kahayang jelema. Marga kitu disebut baduga. Tegesna hiji konsep hirup pikeun ngarobah kabiasaan nu goreng (adat kakurung ku iga) atawa tradisi ku hal anu leuwih hade tur rancage. Ieu jalan ghaib anu hese beleke diwujudkeunna. Ngarobah pamikiran masyarakat anu tojaiyah jeung ajaran Agama. samalah Agama dipolitisir pikeun ngahalalkeun lampah napsu manusa. Baduga atawa konsep pikeun hijrah tina jalan salah kana jalan nu munasabah perlu dukungan sosialisasi nu tangtu butuh waragad.

7. Ibnu Sabil ( BADAGA)

Ibnu Sabil ihwan nu rumingkang dina fisabilillah. Dina budaya Sunda disebut badaga. Lain badag awakna tapi badag pamikirana tur milampah hiji panalungtikan nepi ka hasil panalungtikan gede manfaatna keur kapentingan bangsa, nagara jeung Agama. Bisa bae nu jadi badaga atawa ibnu sabil ustad atanapi ulama. Nanging lain ukur guru ngaji nu ukur nepikeun konsep nu geus aya atawa konsep nu tos nyengka di masyarakat. Inyana nalungtik konsep nu leuwih hade tur rancage tur luyu jeung Agama katut Darigama. Sakadar guru ngaji atawa ustad nu teu mibanda konsep anyar dina disiplin elmu hirupna, lain ibnu sabil. Ibnu sabil ahli tafakur jeung juru talungtik nepi ka meunang tuduh jalan ti Illahi geusan nyampurnakeun ringkang rumingkangna manusa.

8. Amilin ( BADEGA )

Amilin mangrupa pangurus anu makayakeun zakat atawa baitul mall. Hiji organisasi moal bisa tumuwuh kalawan bener tanpa waragad. Pangururs organisasi atawa beungkeutan kudu boga pangupa jiwa tina hal anu diurusna. Nya pikeun ngokolakeun ieu beungkeutan dana organisasi aya hak saperdalapan tina zakat ieu.

III. PANGGERO KANGGO KULAWARGA BESAR YPSDI GEMA PANCASILA Saparantos urang tapakur deui ngeunaan mustahik zakat sapertos kitu. Timbul hiji pamadegan kalintang saena upama jumlah asnaf dina mustahik ulah diteungkas atawa di bubarkeun sapalih. Margi tiap masalah nu kawengku ku mustahik kalintang pentingna tur bakal nimbulkeun masalah sanes anu langkung rongkah upama diteungkas. Sapertos upama Fisabilillah (baduga) diteuayakeun. Atanapi dipasihkeun kanu sanes hakna. Hal ieu tangtos bakal ngahalangan kamajuan Islam dumugi ka umat Islam kakantun tina ringkang hirup sapertos teknologi, ekonomi sareng nu sanesna. Nu langkung pikahariwangeun umat Islam bakal gumantung ka umat sejen dina narekahan hirup di dunya. Padahal kapan Khalifah nu dipiridho ku Allah teh urang nu ngagem Islam. Seug badaga teu dibantos ku sadayana kalawan rancage tanwande Islam bakal tinggaleun ku umat sanes. Hiji kahariwang nu kiwari geus ngalangkang. Ku hal eta hayu urang babarengan geusan ngawangun hiji baetul mall nu bener kalawan beuneur. Atanapi memeres baitull mal anu parantos ngadeg. Tangtos moal tiasa sakaligus nanging upama gaduh tujuan nu pasti enggon ibadah zakat ieu. Tiasa diwujudkeun sakedik sakedik. Upami ihwan nu sanes ngutamakeun ka mustahik asnaf pakir, miskin, amilin. Urang ngagaraf asnaf sanesna sapertos ghorimin, mualaf, abid, fisabilillah, sareng ibnu sabil. Nanging upami tos guyub sapamadegan mah tangtos tiap baitul mall kedah gembeleng dina dalapan asanaf, tangtos moal sakaligus tinekanan tiasa wae diwujudkeun ngarinyuh upamana bae : Ngembangkeun Koperasi Islam kanggo ngabina ghorimin. Sanes wungkul dibere nganjuk tapi oge dibina dina pangajian rutin. Dumugi ka anggota Koperasi yasa ngukur jeung ngatur hirup sangkan teu kalebuh hutang. Ngawujudkeun dunya atikan. Leres kiwari seueur ngadeg sakola tur beungkeutan dunya atikan. Nanging nu leres-leres hoyong ngatik jeung ngabina generasi masih jarang. Maranehna seuseueurna seja usaha dina dunya atikan ieu.

VI. HAREPAN

Hayu urang ngahijikeun tekad ku nitipkeun Zakat di Yayasan Pengembangan Sumber Daya Insani Gema Pancasila Jl. Sekemala RT 02 RW XI Pasanggrahan Ujungberung Bandung .HP. 081563835546 – 08157136772 – 08170225794 No rekening : 0004575709101 BANK JABAR Urang beberes baitul mall atanapi rumah zakat nu parantos aya dumugi ka tiasa ngokolakeun dana umat kanggo ngarengsekeun dalapan rungkang hirup (masalah sosial) di nagara urang.

V. BEWARA

Sugri wargi nu ngagabung janten Jayaprakarsa atanapi Muzaki YPSDI GEMA PANCASILA supados ngintunkeun data diri anu estu kanggo diulem geusan ngabadantenkeun pasualan ringkang Islam kiwari. Atanapi nampi laporan asnaf mana? sareng kumaha? nu nuju digarap ku urang. Cag. Pun, sadu sapamungkur.

About these ads